Nasi Padang dan es teh manis

Nasi Padang & es teh manis

Carita ieu di alpukahan ku
Jaleuleu....ja
Tulak tuja Eman...gog
Nyeri Sirah....Ja
Nyeri huntu....Ja. 
.... ... ... ....

Sakumaha biasa Kuring hudang samemeh adzan subuh. Terus kacai Jang ngalaksanaken wudhu saterusna Kuring shalat.
Sanggeus shalat subuh aktivitas biasa kukuring dilakukan. Teu karasa waktu teh nyerelek. "Gening geus jam 7"!!! Gerentes Kuring satengah kaget. Sabab biasana memeh jam 7 Kuring geus Aya diperjalanan nuju KA tempat gawe. 
Harita keneh kuring guragiru nyiapken barang anu biasa di bawa kapagawean. Sanggeus dirasa kumplit trus Kuring pamitan KA Inung budak anu ti tadi sibuk di dapur. "Mah berangkat dulu" omong Kuring bari ngasongken leungen. "Iya hati hati" tempas na bari nyium lengen Kuring. Samemeh kaluar Kuring muru hela k kamar gesan ningali budak anu masih keneh sare bari di teuteup rada Lila.
Sanggeus Kitu tuluy Kuring muru KA luar bari ngaluarken motor. 
Teu kacatur dijalanna., Kurang leuwih satengah jam Kuring ges nyampe di tempat pagawean. Sakumaha biasa Kuring gawe ti jam 8 nepi k jam 4. Tapi poe ieu mah Aya tambahan waktu kudu lembur 2jam.

Next...
Next...
Next...

Poe tadi mah gawe teh rada cape, biasa balik jam 4 tadi mah kudu lembur 2 jam. jadi jam 6 Kuring kakara kaluar ti tempat gawe.
Tr3eeeeeeet.....
Bel balik disada Kuring teu malire naon² deui langsung tancap muru ka parkiran (motor). Di perjalanan nU kebayang teh nasi padang + CAI es teh manis, mungkin bawaan lapar + haus. Samemeh nyampe KA imah, kadenge sowara adzan anu nandakeun waktu shalat magrib. "Sholat hola ah" pikir Kuring bari mengkolkeun motor KA arah mushola. Saberes sholat terus nuluyken perjalanan anu tinggal 500meteran deui.
Teu kungsi Lila motor asup kaburuan imah sabari di pareman kontakna. Kakara ge Clat Kana terlas, ti Jero imah kadenge Sora anu geus teu asing deui Kana ceuli Kuring. "Ayah pulang ayah pulang" trus panto Aya nu muka. Rekeeeet... Panto dibuka. Breh katingali budak bari nyoroyot menta dipangku dituturkan ku indungna. Bari pok ngomong "tumben telat yah" ada lembur mah!" Jawab Kuring bari asup KA imah sabari mangku budak. Sanggeus budak di ecagkeun tuluy kuring muru Kana tempat diuk. Can ge bujur antel Kana korsi, solodor indung budak ngasongken cangkir anu ditutupan. Bari pok nyarita. "Minum dulu yah" iya" tempas Kuring bari rada nebak Kana eusi cangkir. "Kahayang teh isina es teh manis" can parat ngagerentes pok indung budak nyarita deui "cuma air putih yah, tadi mo bikin teh manis tapi gulanya belum beli". "Ya gak apa²" jawab Kuring bari nginum. Seeerrr karasa tiisna CAI ngabaseuhan tikoro anu garing. Alhamdulillah.

Sanajan CAI tiis anu herang tanpa warna, Ari dibikeun na make akhlaq mah karasana nginum CAI NU campur madu.
Sanggeus awak karasa rada segeur, teu Lila Kuring langsung mandi. Sajeroning mandi pikiran mah ngalayang Kana tempat sangu bari ngabayangkeun bakal dahar nasi padang, maklum terakhir dahar nasi Padang teh basa Aya undangan tatangga anu sukuran. Teu kacatur mandi geus beres, sakumaha biasa trus di baju. Sanggeus rapih terus Kuring muru KA tempat dahar. Katingali indung budak nuturken bari nungtun buah kacinta. Sanggeus tepi gek Kuring diuk bari di Baturan ku indung budak. RET Kuring netep KA indungna, serengeh NU ditetep imut bari pok ngomong, "makan yah?" Kuring cicing teu ngajawab da sibuk mangku si buah hate. Teu Lila Inung budak nyarita deui. "Ini yah nasinya masih anget, cuma lauknya cuma bala bala dingin sisa sarapan tadi pagi"  iya ga apa apa. Yang penting halalan toyyiban" jawab Kuring bari minahkeun boboko.
Ammm dahar bareng bari sakapeung diganggu ku budak anu ngagalendotan.
Sanajan dahar Jeung bala bala tiis ditambah ku renos cabe tapi rarasaan teh dahar dilestoran.
Alhamdulillah... ! Batur mah can Tantu sabahagia Kuring. "Bisa dahar ngumpul Jeung anak pamajiakan" gerentes Kuring bari ciduk deui Kana boboko.

T.A.M.A.T

Nb: Ternyata hari ini masih sama dengan hari² sebelumnya, tanpa nasi Padang dan es teh manis. Tapi semua ini tidak menghalangiku untuk bersyukur kepada-Nya. Karena ANAK dan ISTRI ku lebih berharga dan patut untuk di syukuri.

الحمد لله على كل حال