Saur sepuh

Di Edisi kawitan ieu, nembe aya tilu seratan nyaeta :

 

Kumelar di Alam Dunya
ti Kang Deden Romansyah

 Urang hirup di dunya moal lana, kadang urang sok ti suksruk ti dungdung sibuk neangan dunya sampe kapoho keur pibeukeulan urang hirup di kalanggengan.Dulur - dulur..Teu salah memang mun urang neangan dunya tapi kahade tong poho kanu pancen utama nyeta seja ibadah Ka Mantena. Dulur - dulur di mana wae ayana..
Mumpung urang masih keular di alam dunya, jieun kahadean sa loba - lobana. Jadikeun diri urang anu manfaat boh keur diri sorangan boh keur batur.
* " Bikeun naon nu bisa dibikeun , sok sanajan saleutik naon bae lamun eta memang aya manfaatna keur jalma nu lian (tutulung kanu butuh tatalang kanu susah )"
* "Kudu akur jeung saha bae ( lobakeun dulur ) entong malah pakia - kia ". Cek kolot urang kapan aya paribasa kieu babaturan sarebu can cukuptapi musuh hiji asana loba teuing. Kapan oge lain ari ngarana silaturahmi teh bakal manjangkeun rejeki jeung majangkeun umur"
Sakitu heula ti simkuring, hapunteun pisan bilih aya basa anu teu merenah sareung teu leureus saur agama. Mun beuneur nya etamah kaluar na tinu agama , mun salah nya etamah leureus - leureus tina kahilapan simkuring.

SILATURAHMI
ti R J F

"SILATURAHMI", hiji ucap kedal carita anu geus teu aneh deui ku urang kapireng. kecap ieu nunjukeun hiji kaayaan dimana rumaketna insan jeung insan dina hirup kumbuh sapopoe nu dibeungkeut ku ngantengna tali kaasih jeung kanyaah.
Kasadaran kana perluna Silaturahmi (ngawangun jeung ngabina), estu jadi kojo utamana hiji manusa di mayapada (alam dunya). Naon nu jadi lantaran ?. Taya deui iwal ti kasadaran diri (marifatun nafsi), yen jalma mah teu lana di alam dunya (saur kangd2n oge), jaba ti eta nyaeta karumasaan yen manusa mah teu bisa kukumaha di alam dunya teh lamun taya batur pakumaha, estu kawengku ku kawates diri salaku manusa jeung salaku dirina pribadi. Peran strategis aspek transedental sacara vertikal ka Illahi Rabbi kudu ngawujud dina wangun ugeran hirup sapopoe.(ku kalimah sejen mah Marifatullah ngawujud ku adegna marifatunafs ti papada manusa)
Naha urang geus ngawangun Silaturahmi ? jeung Naha silaturahmi teh lempeng-lempeng wae ?. Pananya retoris ieu tangtu wae utamana mah kudu dijawab sewang-sewangan, ngan aya hiji ugeran, Silaturahmi ngawujud lamun urang jeung urang bisa apal ka diri jeung apal ka batur, sadar kana kakurangan diri jeung ngayahokeun kaleuwih batur, atuh dina emprokna mah urang bakal sadar yen silaturahmi nu utama teh lain nu lempeng-lempeng wae, tapi hiji kaayaan naek turun, lempengna tur mengkolna jadi simponi wirahma galur kahirupan anu endah, aya peran merean aya posisi narima, aya kaseuri jeung aya citangis ... naon nu ngabedakeun : PERSEPSI sewang-sewangan, dina ningali, ngarasa, narima, satiap fenomena atanapi kajadian anu tumiba. .... KONCINA , sakali deui Elmu pangaweruh jeung pangalaman.
=>> p a r a l u n <===, cag hancaeun .....
Cinta, fenomena kamanusaan nu geus lawas jeung rea dicaritakeun, dituliskeun jeung digambarkeun ... tapi eta lain Cinta, Cinta mah bakal kaharti sanggeus urang kokojayan dina sagarana, sagara Cinta.
Seug Lamun Akang Gaduh Garwa nu ciga Kieu
ti KangD2n
Assalaamua'laikum wr wbr
Rumahtanggi teh hiji sistem anu diwangun ku sababaraha komponen. Dilebetna aya caroge, garwa, putra, putu ( lamun tos incuan ). Eta sistem bakal endah lamun sakabeh komponen apal kana tugas jeung pungsina sewang - sewangan. Pamingpin dina eta sistem disebatna caroge, anu tangtos gaduh tanggung waler kalintang ageung na. Salah sawiosna kedah nganapkahan lahir sinareng batin garwa sareng putrana. Utamina napkah batin, leres henteuna hiji istri dina lumangsungna hirup saparantos laki rabi tinangtos teuleupas ti tanggung waler carogena.
Singketna tanggungjawabna teh henteu saukur didunya oge langkung tebihna di akherat Kumargi sakitu lamun urang hayang ngabantos ka caroge urang sangkan ngurangan bebanna diakherat atuh tangtos urang kedah leres ngalakonan hirup. Leresna hirup, nya peryogi elmuna, ari elmuna nya urang milarian nyalira margi caroge tangtos gaduh kamampuan anu terbatas boh terbatas ku elmuna boh ku waktosna sareung sajabina.
Kumargi sakitu tong ngandelkeun ticaroge dina milarian elmu, nyaurang milarian nyalira.Sumberna bade timana wae, tiasa tina buku, ceramah, ningali pangalaman batur sareung sajabina. Hiji waktos aya hal - hal anu sangkut pautna jeung dosa, sok sanaos teu di uningaan ku carogena ari tos teurang elmunamah atuh tiasa nyalira.
Peupeujeuh
"Jadikeun anjeun hiji istri :
- Lamun sicaroge ninggal istrina matak tenang kanu hate
- Lamun caroge ngantunkeun istrina, caroge ngaraos tenang ari margi si istri ngajagi kana harga dirina, hartana, paraputrana jeung sajabina.
- Hiji istri anu tiasa nenangkeun hate carogena pami keur panas, janten pamuntangan lamun ti soledat, janten panyumanget pami nuju kuciwa. jrrd ( jeung rea - rea deui )
Eta point - point nu diluhur moal tiasa langsung kitu wae, tapi peryogi waktos ngabentukna. Kumargi sakitu atuh kanu teu acan laki rabi sok ti ayeuna bekelan ku elmu pangaweurh dina enggoning mayunan sagara rumahtangga, atuh kanu atos teu aya basa telat lamun urang bener - bener hayang jadi istri nusajati.
"Nun gusti pasihkeun ka jisim abdi hiji istri anu sholehah anu tiasa nyaangan hirup di dunya sareng jaga diakherat."
amien ya robbal a'lamin
Sakitu heula ti akang, hapunten anu kasuhun bilih aya cariosan anu teu merenah , leresna eta tangtos tinu agama lepatna tangtos tina kahilapan akang salaku jalmi.Ya Alloh neda dihapunteun jisim abdi tina sabudaya kalepatan nu dihaja sareng teudihaja.
wassalaam

0 Comments:

Post a Comment